Carita Sunda Romantis
Selasa, 17 Juli 2012
Emut Nu Geulis
Pasosore kuring biasa jeung sobat dalit diuk dina bangbanrung di tepas imah,Dani ngaran sobat kuring teh ari karesepna manehna maen gitar saperti poe eta.Saperti biasa kalakuan jelema etamaha
Nu Ngajentul Di Buruan
Asa kakara jeung masih ngolebat dina emutan anjeuna ngaleos sanggeus ngucapkeun jangji bakal mulih deui, masih kabayang tonggongna nu ngagedig pinuh harepan pikeun ngahontal cita-cita .Harita basa paduduan di jero kamar satasna ngumbar katresna kuring ngagoler dina lahunan.
Pananganna pinuh ku ka asih ngusap- ngusap rambut nu ngarumbai.Socana neuteup anceub matak tembus sanubari mukakeun jemberna ati.Suantenna ngoncrang ,daria jembar wibawa matak reg-reg kana manah ,nentremkeun rasa anu guligah. Dunya teh asa lega bamblas caang padang narawangan , endah lir taman sorga nu dipinuhan mangrupa-rupa kembang , sengit nyambuang ,nibrakeun alam panyawangan.
Saha nu moal teu kabongroi jeung teu kabobodo lamun rasa jeung asa nu tos kalimpudan ku katresna ati katambih dalingding sengit rupi-rupi jangji pasini.Sanaos raga dipasrahkeun tangtu moal baha lantaran ka asih nu geus matri kana diri, pageuh teu bisa leupas sanajan kaliwatan mangsa.
Kiwari kuring nandangan nalangsa , emutan teu weleh manteng , pinuh kayakinan yen ajeunna moal sulaya basa, tentren kana jangji ,pageuh kana udal lisan nu geus mepende mere hareupan.Lengok deui , lieuk deui nempoan jalan anu dipake ngagedig neang panghaereupan anu bakal mukakeun jalan kahirupan dina bahtera asih mapay-mapay kabagjaan.
Kabayang ngungkug na gedig panghareupan jiga nu teu gimbir jeung galideur , teu sieun lengkah anu salah mengpar tina jalur nu geus di atur, ti kosewad kanu lampah nu teu merenah, yakin jati diri moal keuna ku owah gingsir.
Kamana atuh leosna pangharepan, kamana jig na dalinding nu kapungkur matak tentrem ? Kuring ngalimba taya babatannana ngaheulas taya daya jeung upaya ngajentul ngarep-ngarep manehna nu geus mere pangharepan.
Langganan:
Postingan (Atom)